Anaking anak bapa nu jadi panyileukan beurang jeung peuting.....
Hirup teh ulah sampe leupas ti elmu. Sabab elmu bakal jadi panyaang leumpang dina ieu waktu. Hidep geus rada ngarti kumaha lamun urang leumpang bari jeung popoekan, tinamtu sagala kabadug sagala karempak, anu balukarna sajajalan paburantak teu kendat tina musibah jeung katugenanh. Lamun ayeuna hidep keur ngalaman hiji persoalan anu ngajadikeun kasusah, eta cirining hidep kudu terus nambahan elmu. Ku elmu mah bakal karasa bedanan. Lain berarti elmu teh ngahindarkeun diri tina masalah, sabab dunya mah karakterna masalah, tapi elmu bakal jadi cahaya dina ngahareupan masalah anu ngajadikeun masalah henteu ngabuah kasusah tapi sabalikna masalah bisa ningkatkeun pangeusi diri. Kukituna Bapa wasiat ka maneh, ulah sampe maneh mohokeun nyiar elmu kahadean, maneh hiji waktu bakal ngarasakeun manfaat diri kaeusi ku elmu teh. Kanjeng Rosuul oge dina hadist-hadistna loba pisan anu ngawanti-wanti diri kudu dieusi ku elmu. Erek urusan dunya sumawona akherat, konci jang muka kabagjaan jeung kawaluyaan dunya akherat mah euweuh deui iwal ti ku elmu koncina. Keun bae cukup kaalaman ku Bapa hirup ngalalaworakeun elmu teh. Hidep mah sing ca'ang ti leuleutik. Geura deukeut jeung jalma-jalma alim anu linuwuh kupangeusi diri. Lain jalma anu awuntah cicing dina kaangkuhan jeung kasombongan. Cirining jalma anu eusian mah lain anu sok nyalahkeun batur asa aing pangbenerna. Lain jalma anu sok umaku hayang kapuji kubatur. Lain jalma anu sok loba nyawad jeung nyapelekeun dengeun. Tapi ciri jalma eusian mah hirupna handap asor depe-depe Estu rengkuh ka batur ngahargaan kanu sangoraeun ngahormat kanu sakoloteun ngajenan kanu sapantar. Hirupna tara nyirikeun seseringna nyamuni nyumput buni dinu caang. Mugia aya Ridho ti Nu Maha Kawasa hidep diamprokeun jeung jalma anu samodel kitu. Ulah gampang pegat asa, sing soson-soson getol ikhtiarna. Hiji waktu oge pasti tinekanan. Rahayu jeung waluya dunya akherat keur hidep.
Caaag kitu bae heula anaking pepende ti bapa saacan maneh peureum peuting ieu. Isuk pageto ku bapa bakal diupahan deui.
Salam kasono ti bapa keur maneh anaking.