Wednesday, December 17, 2014

Pangbubuka


Bismillah, ku Kamurahana Dzat Nu Maha Agung…


Kalayan neda pitulung sareng bimbingan ti Gusti Nu Maha Asih, kuring seja nyiar elmu jeung dudularan, mugia janten kahadean geusan bekel jaga ka alam pangbalikan, sareng mugia janten cukang anu ngalantarankeun turuna rohmat oge barokah ti Nu Maha Welas, 

Ieu catetan lain diatik ku jalmi anu masagi ku pangarti, lain ditata ku jalma anu jembar ku pangabisa, estu catetan sabeunang-benangna dina waktu mapayan jalan-jalan kahirupan nu katukang. Undak-unduk basana nyata kirang nerap, pedaran kalimatna jauh ti kangeunah, eusina molongpong teu aya alaeun, bubuhan kukituna mah da sanes kyai sanes ustad tea. Beubeunangana tina leuleumpangan dina kamalir, ngojay dina cai merang, ngalana tina tumpukan sampah-sampah kahirupan, kaluarna lain tina hate anu nyanding ku kamulyaan, tapi tina diri anu dhoif, tina jiwa anu walatra ku kakuranganana. Jelasna hampuraeun jeung maklumkeuneun, kusabab maksud jeung tujuana mah catetan ieu dianggit teh sangkan jadi ibroh keur anak incu jeung katurunan, harepan mah hiji waktu kuring jaga di alam pangbalikan, nu katingali anak incu jeung katurunan mah hirup pinuh ku kamulyaan mungguh aya dina ridhona Dzat Nu Maha Agung, hirup teu kalangsu jeung kasasar lampah, nyingkahan kahanjakalan jaga anu teu bisa deui dihadean jeung diubaran. Sabab kanyeuri anu  hese panggih ubarna nyaeta kanyeuri leungiteun "waktu". Moal aya gantina moal aya tokona. "Waktu" teu bisa nginjeum ka batur, menta ka baraya. Tiap diri geus puguh ukurana.

Mangga urang ngahanca.


No comments:

Post a Comment